Jumat, 01 Maret 2013

Sajak Basa Sunda (Puisi bahasa Sunda)

kanyaah ema ..
                           karya annida

 Soca ema Katinggal Rumeuk
 Bati sering nyaring Peuting
 ngahariring ngayun Nganbing

Mun mangsana Rehe simpe
Batur mah Gegebra Sare
Ema mah MAsih Mepende

Asih Ema
Deudeuh ema ..
Moal kaukur Luhurna
Moal Kabilang Legana 
Moal Kabayar Hargana ..

 Solat ..
        
Madep ka Kiblat
Husyu Samujud Solat
Manteng kanu maha Syafa'at
Neda di paparin Rahmat
Di bukaken Panto tobat 

Duhh,, Gusti nu maha Sucii
Mugi anjen Nampi 
Kawajiban 5 kali
Sadinten sawengi..


Wudu

Hayu Urang susuci
Ku Wudu 5 kali
sapoe sapeting Pasti
meresihken Diri jeng ati

Tina kokotor lahir
Miceun kekebul diri
Tina Kokotor batin
Nyingkahken hiri jeng Dengki
Hayu Rampak Sami Sami 
Ngudag karido'an Gusti